Kacaturkeun di hiji kampung, aya hiji pamuda anu geus ka sohor alatan
ku kalakuanana anu sok cukat cokot barang batur, pikasebeuleun, jeung
baragajul. Pamuda eta ngarana Kabayan.
(adegan hiji waktu Kabayan lahir)
Paraji : “sok nyiii... ngaheujeun
deui... hiji... dua.. ngarenghap hiji... dua...”
Momsky : (pepereukeut ngaheujeun) “atuh ma
nyeri nyahoooo!” (ngaheujeun deui)
Paraji : “enya ema oge apal! Burukeun
kaluarkeun cape yeuh!”(ngusap kesang bari tuluy metot budak)
Momsky : “kela ngawahan heula! Awas! Awas!
Awas! (tatangga anu keur ngurumun manehna nyingkah)”
(Momsky ngarenghap tuluy kusakali heujeunan orok kaluar)
Paraji : “asstagfirullah ... Gustiii...
ieu orok atawa jurig?! “ (rewas bari ngajeungkang)
Si orok ngabelengeh seri anu ngajadikeun momsky teu inget harita keneh.
Sakampung nepi ka sanagara riweuh aya orok badag. Tidinya orok anu dingaranan Kabayan
kasohor kamana mana rejeung kalakuanana anu baragajul namabah nambah
kasohoranana.
(adegan dua Kabayan ngarampok dongsih)
Kacaritakeun dina hiji poe aya dongsih anu karek mulang ti kota.
Sajajalan manehna nengteng kantong jeung rea babawaanana si Kabayan keur
ngadengekeun lagu DJ di gigireun sawah ninggali si dongsih tikajauhan .
Kabayan : “mangsa euuuuy! Gue kudu
beraksi!” (cengkat tuluy nyampeurkeun si dongsih) ”neng bade kamana?” (kabayan basa
basi)
enjel
(dongsih) :”ehhh eloo!
Nyebut enjel eneng! Emang enjel apaan?” (ngadelek)
kabayan :” heeh atuh eneng enjel! (nilik nilik
kantong si enjel)
enjel :”enjel tong make eneng ari
maneh! Awas ah berat yeuh ti kota apanan” (rek ngaleos tapi dicegat kabayan)
kabayan :”kulantaran gue mah bageur,
deukeun ku gue pangmawakeun katongna!” (nyodorkeun leungeuna)
enjel : (mikir) “enya atulah!
Yeuuuh! Lain titatadi!” (mikeun katongna)
kabayan : (nyengir) “neeeng eeeh jell,
balap lumpat yuuuu..”
enjel :”naon ari elo jeung balap
lumpat sagala nyaho gue teh make sapatu jangkung”
(nembongkeun sukuna)
kabayan : (ngawahan) hiji... dua...
tilu... kabuuuuuuurrrrrrr!” (lumpat)
enjel :”heeeeh! Maneeeh!!
Elooooo! Siaaaaaa! Balik deui .... !!!! tong dibawa eta kantong mahal ! maliiiing maliiiing ? tulung
gustiiiiii” (heboh)
(warga daratang)
Warga 1 :”aya
naon neng?”
Enjel :”enjeeel! Lain eneng . itu
gue di rampok!”
Warga 2 :”hah manaaa manaa?” ( warga
culang cileung)
Enjel :”itu kaditu!” (nunjuk
sikabayan anu masih keneh kaciri)
(Warga ngudag sikabayan nepi ka beunang)
Warga 1 :”taaaah siah malingna beunang”
Kabayan :”alaaaah ammmpuuuun!”
Warga 3 :”eleuuuuh gening si Kabayan
malingna teh”
Kabayan : (Kabayan seuri semu era)
Warga 2 : ehhh ari mane kalah seri maling
teh, lain mikirmah aduuuh Kabayan Kabayan, jug
ah siah balik lieur kana sirahna
oge!” (warga ngagurutu bari bubar)
Enjel :”ehhhh ari sararia eling?
Ituuuuu maling gebugan gebugan!!!”
Kabayan :”baye bayeee eneng” (ngaleos)
Enjel :”guuuuusti ari enonesa anu
maling teh kalah dikararencarkeun, lain ditarewak mah!
(Dicaritakeun si kabayan balik ka imah saengges di carekan ku warga)
Jeniper :”akang timana
wae?”
Kabayan :”akang teh geus neangan resiko
jang kulawarga arurang keneh”
Jeniper :”mana atuh
hasilna geus balangsiar teh?”
Kabayan :”tah ieu yeuuuh!” (Kabayan bari
ngaleos)
(geus kitu Jeniper ngaratak kantong babawaan Kabayan, si Jeniper reuwas
pas ninggali eusi kantong babawaan si Kabayan)
Jeniper :”akang mantes
teu?” (nempokeun ka si Kabayan)
(Kabayan kaget kaget pas ninggali si jeniper ngaragakeun bari make baju
meunang mawa si Kabayan tadi)
Kacaritakeun deui isukna si Enjel ngarumpi jeung Iceu Juiceu.
Enjel :”Ceu.. apal teu kamari si
Kabayan ka tewak ku warga?”
Iceu juiceu :”lantaran naon nyi een?”
Enjel :”ehhh ari eceu ka abi teh
ngaran sahade hade di sebut een. Lain een! Tapi enjel!
Eee.. nnn.. jeeel..’’
Iceu juiceu :”eh ari nyai wios we atuh di een een
ge da sami keneh enjel. Kunaon atuh si Kabayan teh?”
Enjel :”nya kamari teh si Kabayan
ditewak ku lantaran maling banda abi”
Iceu Juiceu : (reuwas) “si Kabayan teu kapok kapok
eta? Keun bae urang bejakeun wae ka si momsky”
Enjel :”nya atuh ceu sakitu
rupina ti abi teh bayebayeuuuu..” (Ngaleos)
Iceu Juiceu :”Si Kabayan euweuh ka watir ka si
momsky.. (gigideug) ku urang mah rek dibejakeun siah meh mikir maneh Kabayan!”
(Tutunjuk bari indit ka imah momsky)
(Iceu juiceu ngadatangan ka si momsky)
Iceu Juiceu :”Momsky
si Kabayan teh nyieun onar deui (bari ngagorowok jeung bari hah heh hoh)”
Momsky : (ngorejat reuwas lantaran
ngadenge beja kitu) “budak bangkawarah siah! Kaduhung aing mah ngalahirkeun sia ari edek
ngengera mah da eta atuh bapana meni teu meunang hanteu hayang budak teh.”
Iceu Juiceu :”He’euh atuh matakan boga budak teh
diwarah lain kalaka diantep!”
Momsky : (Ceurik) “Gustiii.. Kaduhung atuh
baheula nyieunna teu dibismillahan jadina budak teh
baragajul kieu.. ampuuun dekah mah gusti..”
Iceu Juiceu : (ngusapan momsky) “Sabar.. sabar..
Cocobi ti gusti nu maha suci...” (ngadakwah)
(Sababaraha menit krik.. krik..
krik..)
Momsky : “Euuuh.. ngomong naon ari
maneh?!” (ngaleos ninggalkeun si Iceu Juiceu)
Iceu Juiceu : “Nya ceuk urang ge! Papatah urang mah
tara salah! Langsuuung didenge! Pasti ayeuna teh rek mamatahan si Kabayan!”
(“Pamirsa? Kumaha papatah kuring katarima kusadayana? Mudah-mudahan ageung
barokahna, amiiiin.. bayeubayeu..”)
(Momsky balik ka imah, neangan si Kabayan rek ngambekan tapi ngan
manggihan si granpaps hungkul).
Momsky : (abus ka imah bari gogorowokan)
“Kabayaaan.. kabayaaaan.. Kabayann!! Dimana maneh! Kadieu siah! Pagawean ngan ngerakeun
kolot! (eureun bari mikir) Kela.. kela.. ketang da si Kabayan teh geus kolot,
terus urang naon?” (gagaro bari bulak-
balik)
(Torojol granpaps aya di hareupeun momsky tuluy maranehna patubruk)
Granpaps : “Ari maneh! Keur naon gawe? Gandeng
nyaho!” (ngagebug ku iteuk)
Momsky : “ke.. ke.. naha abah bisa
ngadange ning? Lain abah teh torek?”
Granpaps : “hah? Aya naon?” (ngadeukeutkeun
ceulina)
Momsky : “Tuh karek ge bieu cageur!”
(ngadelek bari ngaleos)
Granpaps : “Korek di orek-orek? Ari si eta
cageur?” (gagaro)
(Di tempat lain, si Jeniper keur
dangdan di kamarna bari nyobaan sababaraha baju anu dibawa ku si Kabayan)
Jeniper : (bari ngaca) “Geulis
ningan kuring teh make baju gaya mah. Hebat euy boga salaki teh meni bageur.. pang meulikeun baju mahal
kieu. Ah geus gaya kieu mah kudu bin wajib pamer saeutik-eutik mah. Utamana
ka si ceu Iceu. Anu pagaweanna ngahina jeung nyidiran ka urang teh. Ke..
ke.. rada di lipen stip heula meh buricak burinong.”
(Jeniper kaluar imah bari
lunggak lenggok.. rek pamer. Kabeneran aya ceu Iceu jeung tatanggana keur
ngarumpi di golodog imah ceui Iceu, Jeniper nyampeurkeun)
Jeniper : “Heeeii..
eceu-eceu.. nuju nararaon? Tinggal yeuh kuring boga baju anyar. Meunang meuli salaki kuring. Teu boganya?
Teu boga pan???? (mamerkeun ka hareupeun ceu Iceu)
Enjel :
“Ke.. ke.. ke.. asa apal itu baju. (nyidik-nyidik bari ngurilingan si jeniper)
ieu baju teh..
Ooh heueuh siah! Ieu baju kuring!”
Jeniper : “Eh.. eh..
maneh ngaku-ngaku! Ieu baju mahal meunang pang meulikeun salaki kuring, kang Kabayan!” (emosi)
Enjel : “Lain pangmeulikeun siah!
Pangmalingkeun aya oge!”
Jeniper : “Ehh.. eeh..
eh.. ari ngomong teh sok tara make rihting. Tong asal tuduh ari maneh!”
Iceu Juice : “Naha maneh teu apal? Salaki maneh
teh, si Kabayan, kamari katangkep ku warga lantaran ngarampok si een..jelelel..”
Enjel : “Tah ningan bener ayeuna
mah nyebut ngaran enjel teh! Alus ceu! (ngacungkeun jempol ka Iceu Juiceu)
Jeniper : (Reuwas) “Moal
mungkin ceu! Ari maling baju mah! Paling ge si akang mah maling tipi,
tabung gas reujeung komporna, motor tapi teu jeung koncina, emas tapi lain mas jawa! Ah pokokna mah moal mungkin ari
maling baju mah.”
Warga 3 : “Taah gening.. Kanyahoan ayeuna
mah. Kompor gas jeung tabung ti imah kuring teh
dipaling ku si Kabayan!”
Iceu Juiceu : “Da bener moal salah deui ceu! Pasti
ku si Kabayan!”
Enjel : “Curiga pakakas nu aya di
imahna teh hasil maling hungkul!”
Iceu Juiceu : “Tah baju ieu oge sarua! (ngajeweng
baju nu dipake Jeniper) Pasti meunang maling! Nu maneh pan een jelelel..?”
Enjel : “Nya heueuh atuh ceu
sacara ieu baju mahal! Moal aya anu kabedag di kampung ieu mah! Ieu baju ti kota! Kamari si Kabayan
ngarampok Enjel dijalan!”
Warga 3 : “euweuh ka era maneh jeniper!
Make barang anu haram! Anu tatangga deuih! Cik atuh bejaan salaki teh neangan gawe sing
puguh! Lain gawena sauukur maling barang batur hungkul!”
Jeniper : (tungkul bari
nahan ka era jeung kanyeri hate tuluy ngaleos bari ceurik balilihan)
(Di imah Kabayan)
Jeniper abus ka imah bari
sesegukan. Kabeneran di imah aya granpaps jeung momsky anu keur ngadagoan si
Kabayan.
Jeniper : (Abus ka imah
sabari nyaritakeun kajadian ka granpaps jeung momsky)
Momsky : “Teu rido urang mah ninggali si
Jeniper di eera ku kalakuan si Kabayan!” (ceurik)
Granpaps : “ngadadak teu torek lamun ngadenge
nu kararieu patut teh!” (nepakan ceulina)
Momsky : “Har.. boga anak, boga bapak,
sarua teu elingna!”
Granpaps : “Kadenge ayeuna mah! Salila ieu
maneh teh sok ngagogoreng abah nya?”
Momsky : (Seuri)
Jeniper : “meungeus
atuh.. mom, grand, blue, red.. eeeh kadon miluan ngabodor! Intina kumaha ieu solusina eneng geus kaliwat era
ku tatangga. Pokokna eneng nyeri hate! Embung kaluar imah ti mimiti ayeuna!
Momsky anu balanja, sagala rupa anu aya kaitana jeung kaluar pokokna mah!”
Momsky : “Har.. siah! Jadi momsky nu
katempuhan buntut maung! Kumaha atuh bah?” (melong ka si abah)
Granpaps : “Heueuh sarua abah ge amek! Ieu teh
keur ambek yeuh! Naha teu kapelong keur ambek? (ekpresi biasa)
(Torojol si
kabayan geus mancing, mancing emosi warga (maling deui))
Kabayan : “Assalamu’alikum...” (Abus ka
imah)
(momsky,
grandpaps, jeniper ngareret babarengan)
Babarengan : “Waalaikumsalam.. eeeh (ngareret deui)
KABAYAAAAAAAAAAAN!!!!!!!!!...”
Kabayan : (soak) “aya naon meni atos
sararono nembe ditinggalkeun barangsiar sakedap wae,
grandpaps” (salim ka grandpaps)
Grandpaps : “Diuk kadieu! granpaps rek ngomong!”
Kabayan : (diuk digigireun abah) “Aya naon
paps?”
Grandapaps : “Bieu barangsiar teh hasil naon?”
Momsky : (nangtung bari melak cangkeng)
“Naha ari abah kalah nanyakeun hasil barangsiar!
Lamun barangsiar teh lain maling ieu mah da kadon ngera-ngera kolot!
Deuleu ku sia kabayan pamajikan maneh beak dieera ku
tatangga alatan kalakuan maneh anu sok cukat cokot kana barang batur!”
Grandpaps : “Heuheuh maneh teh! Ti babaheula
kalakuan goreng teh teu robah-robah! Naha naon
salahna neangan gawe teh anu halal meh barokah hirup teh lain jadi kawirang kolot didunya komo diakherat. Abah
geus era ku tatangga. Sabab abah torek
teh naon atuh? Lain abah enyaan torek tapi abah teh hoream ngadenge caritaan goreng ti batur abah geus hoream,
abah api-api torek meh teu ngadenge caritaan goreng ti tatangga. Tapi ningan kalah
keuna caritaan eta ka neng Jeniper, pamajkan maneh! Sok atuh jang sing karunya
ayeuna mah! Granpaps teh geus kolot, geus bau taneuh, hayang atuh ninggali
incu grandpaps jadi jelema bener.” (ngusap panon)
Kabayan : (Tungkul bari sesegukan) “Neng
rek ambek moal meh sakalian cerikna yeuhh.” (melong ka si jeniper)
Jenifer :
“Akang nyai teh era sabenerna mah ku tatangga rea diomongkeun wae, munmun ngomongkeun teh anu aralus da ieu mah
ngomongkeun teh anu ngaroreng
hungkul! Sabenerna mah nyai teh apal akang
barangsiar teh maling, ngan nyai teh jempe weh da barang anu menang maling teh aralus. Ngan nyai teh ayena mah geus bener kacida era jeung nyeri hatena.
Sabab nyai make baju hasil maling akang ti si Enjel tatangga deukeut urang,
tah eta nu jadi erana mah kang!”
Momsky :
“Sakira-kira hirup rek ngerakeun kolot mah geus tong hirup!”
Kabayan :
“Geus atuh momsky apan sakali ewang ngambekanna.”
Momsky :
“Ari maneh ari dipapatahan ku kolot teh kalakah ngalonyeng, nyingkah siah sing
jauh! Wirang boga budak siga maneh teh!”
Kabayan kaluar imah indit teu puguh tujuan, bari sajajalan mikiran
caritaan kulawargana. Nepi si Kabayan dina hiji saung butut tempat pangulinan
manehanana. Naon anu dicaritakeun ku pamajikan, indung jeung akina teh bener ,
manehna hirup ngan saukur ngawiwirang kulawargana hungkul. Gara gara kajadian
eta si Kabayan niat rek jadi jelema bener!!!
Kabayan : “Aduuh gusti.. ningan wirang
hirup kuringg teh! Ngan sauukur jadi aral. Lain kuring
embung jadi jelema bener. Tapi kaayaan anu ngahalangan kuring. Kaayaan
anu pas-pasan kieu. Rek neangan gawe hese!
Kabisa euweuh! Maot weh kitu gusti hamba teh? Ngan sauukur jadi bahan caritaan
jeung bebendu jelema mah. Gustiiiii.... kumaha ieu? Kuring teu ngarti
kudu kumaha? Kuring hanyang maot weh! Neng jeniper, momsky, grandpaps, kabeh
wirang. Kuring oge lain teu era tapi meumpeun maneh we. Ayeuna mah kuring
teu sanggup. Si momsky ge ngaalamatan kuring kudu maot weh meh teu
jadi wiwirang deui mah.” (kabayan ngalaan sarung tuluy meulit keun kan
beuheungna)
(Keur kitu
tikajauhan aya ustadz anu kabeneran ngaliwat ka eta saung)
Ustadz : (ti buburanyat nyampeurkeun
si kabayan anu rek gantung diri ku sarung) “Asstagfirullah haladzim!! Jang! Jaaang!!
Ulah jaaaang!! Eling silaing! Istigfar! Nyebut jang! Nyebut! (memetot sarung si
Kabayan)
Kabayan : (hampir ka cekek bobolotot panon
bari nyingkahkeun leungeun si ustadz)
Ustadz : “Ulah jang Alloh teu suka!
Allah teu suka ka jelema anu bunuh diri! Dosana kacida badag
jang! Ulaaaah!! (tuluy metot sarung si Kabayan)
Kabayan : (masih ka cekek bari tuluy
nyobaan nyarita) “Pak.. Pak.. Uss.. Us.. Us..” (nepakan
sirah pak ustadz)
Ustadz : “lain pak Uus.. kaula mah
jang! Pak ustadz! Heuup ari maneh kadon nyiksaan kaula!” (nepis bari tuluy
metot sarung)
Kabayan : “Ieu.. kacekek.. kuring..
leupaskeun!” (beberegeh ngomong)
Ustadz : “(rewas) alah hampura jang !!
sok ayeuna mah lepaskeun weh lepaskeun!! (kabayan dilepaskeun) yapp kadieu diuk .
Kabayan : (nyampeurkeun)
Ustadz : “jang naon iiindian”
Kabayan : “(bari sosorongot) naon ari pa
ustadz iindian dih , ieu teh erek bunuh diri bunuh diri lain iindiaan
Ustadz : “oohhhhh...... erek bunuh
diri ari sugan mah iindiaan (bari beungeutna lempeung) kieu weh ayeuna mah balik weh ka imah ulah
nyiar nyiar pidosaeun cing karunya ka
kolot jeung ka pamajikan maneh di imah ku kalakuan maneh ayeuna. Tah ayeuna
mah cig balik ka imah menta hampura ka kolot maneh jeung ka pamajikan”
Kabayan :
“nya atuh pa ustadz abi bade uih assalamualaikum” (lempang bari
ngalenghoy)
Ustadz : “waalaikumsalam”
(kacaritakeun si kabayan
ngalamun di tepas ) torojol wae si abah nepak ka sikabayan
Abah :
”abah apal maneh ayeuna teh pasti ker mikiran caritaan anu tadi?”
Kabayan : (melong ka si abah) “naha abah
apal?”
Abah : “ apal atuh abah kieu
kieu oge baheulana urut dukun beranak “
Kabayan : “ kela naha dukun beranak?”
Abah : “ehhhh kela naha ari
maneh jol kana dukun beranak?”
Kabayan : “lain apan bieu abah anu ngomong
urut dukun beranak?” (heran)
Abah :
“naaa ari ceuli teh bet torek, urut dukun tiiiiiitiiiiiiiik teu make anakan,
maneh mah kanu anak teh” (bari ngadegungkeun)
Kabayan :
“bah kabayan teh ayeuna mah geus sadar, yen kabayan teh gening rea kasalahanana
sok jadi pangwiwirang kulawarga hungkul”
Abah :
“tah siah gening sadar maneh ayeunamah. Kieu we ayeunamah kusabab maneh
heunteu jadi paehna ayeunamah
mending nyiar bekel heula jang ngke di aherat, ngaraaaah maneh di rea teuing disiksa di
naraka peupeuriheun mah atuh di dunya maneh sok di siksaan atuh di aherat mah
ulah”
Kabayan :
“terus kumaha atuh bah solusina?”
Abah :
“abah teh boga kawawuhan ngarana teh ustadz gaooool anu ngabogaan pasantren, kumaha
lamun maneh masantren ayeunamah”
Kabayan :
“enya atuh abah lamun solusina kudu masatren mah ku kabayan rek diteudunan”
Abah :
“yeuh ieu yeuh alamatna!” (bari nunjukeun sasoek kertas anu eusina alamat pasantren)
Kacaritakeun
si kabayan geus nepi di pasantren kawawuhan si abah nyaeta ustadz gaooool.
(si kabayan patubruk jeun g istrina pa ustadz
gaooool)
Kabayan :
“alah alah alaaah ceu hapunten” (bari cikah cikih ngabantuan istrina pa.ustadz)
Istri ustadz :
“wios we jang teu nanaon, ke keee asa nembe ninggalan , ujang teh saha?”
Kabayan :
“oh muhun ceu abi teh nembean kadieu, tepangkeun nami sim kuring kabayan incuna abah rama”
Istri ustadz :
“oooh ieu kabayan teh, hayu jang urang ka rorompok sakantenan tepang sareng
caroge euceu anu ngagaduhan
pasantren ieu”
Kabayan
jeung istri pa.ustadz nepungan ustdaz gaoool
Istri ustadz :
“assalamualaikum” (bari suntangan ka ustadz gaooool)
Ustadz :
“waalaikumsalam (ngajenghok nempo si kabayan)
Kabayan
: ‘’eh pa ustadz, nu rek nyekek simkuring tea lain?’’
Pa ustadz : “eh urang mah lain rek nyekek maneh tapi
rek nulungan ngarah maneh teu jadi paehna. Eh kela, aya perlu naon yeuh kadieu
rek balas dendam?
Kabayan : “nya kantenan atuh, eh ketang sanes
pa ustadz abi teh kadieu bade nyuprih elmu anu manfaat sareng varokahhhhh”
Pa ustadz :
“allhamdulillahirobbil’alamin wasolatu wasalamu ala asrofil anbiya’i walmursalin
wa’ala alihi wasohbihi azmain ama ba’duuu, gening ges turun hidayah ti gusti
alloh anu maha suci” (bari seuri jujungkelan)
Istri ustadz :
“sakantenan kang ulah hilap ka kanjeng nabi urang habibana wanabiana muhammad
saw teu hilap oge ka para sohabatna tabi’i tabi’atna jeng urang salaku umat
akhir jaman” (raray lempeng)
Kabayan :
“ amin amin yarrobal alamin” (bari hulang huleng L)
pa ustadz :
“hayu atuh ayeuna mah urang kawitan we ajar teh”
Tidinya kabayan jadi murid pa
ustadz. Kabayan saeutik-saeutik mimitian robah diri. Anu tadina teu bisa ibadah
jadi leuwih ngarti.
Salapan bulan teu karasa waktu
nyerelek, kabayan geus boga pangaweruh. Kabayan anu masih aya di pasantren
meunang beja ti tatanggana yen si Jeniper geus ngajuru.
Ceu Popon : “Assalamualaikum.. Nyi Haji manawi
aya si Kabayan?” (nepungan Kabayan di imah ustadz)
Istri Ustadz : “Waalaikum salam ceu.. aya.. ceu..
mangga kalebet
Ceu Popon : “Dimana cing si Kabayan na? Ieu aya
perlu pentiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiing.. pisan!!”
Istri Ustadz : “Itu di Masjid ke urang geroan heula”
(ngaleos ngageroan kabayan)
(Kabayan datang hah-heh-hoh)
Kabayan : “Eceu! Aya naon ceu? Asa
rareuwas kieu! Aya naon di lembur?”
Ceu Popon : “Ke.. ke.. cicing heula kadieu! Eceu
mawa beja ti lembur! Si Jeniper!”
Kabayan : “Si Nyai??!! Kunaon ceu??”
Ceu Popon : “Eta si Jeniper geus rek lahiran!
Maneh kudu balik ayeuna pisan!!”
Kabayan : (Reuwas) “Masyaallah!! Gustiii
hatur nuhun! Kela budakna tong waka digubragkeun ka alam dunya saacan kuring
datang mah!”
Ceu Popon : “Eeh.. ari maneh! Ngomong teh
sangeunahna!”
Kabayan : “Hehe.. kaceplosan ceu! Hayu
buru atu urang mulang!!”
Kabayan jeung Ceu Popon mulang
ka lmbur. Neang si Jeniper anu rek lahiran di imahna.
(Kabayan nepi
ka kamar Jeniper anu geus loba tatangga)
Kabayan : “Nyaiiiiiiii!!! Ieu akang
nyaii!! Sok kaluarkeun budakna ayeuna mah!” (ngagorowok
bari nyeledek ka sisieun si Jeniper)
Jeniper : “Akaaaaang!
Nyeri kang!” (Ngaheujeun)
Kabayan : “Enya ieu akang! Sok nyii sing
kuat!! Akang didieu!” (nyekelan leungeun Jeniper)
Jeniper : (Ngaheujeun)
Paraji : “Ieu mah hesena jiga
ngajurukeun maneh baheula Kabayan!” (ngusap kesang bari
metot budak)
Kabayan : “Kumaha atuh ma? Tulungan
pamajikan kuring!” (rek ceurik)
Paraji : “Nya sok nyi.. ngaheujeun
sing kuat!”
Jeniper : (Ngaheujeun
kuat tuluy budak kaluar)
Paraji : “Gustiiiii.. anak jurig
deui!!” (ngajenghok ninggal budak geus badag pas barangjol jiga si Kabayan baheula)
Tatangga : “Alaaah Gustiiii...” (Bareng)
Ceu Popon : “Alamat aya Kabayan kadua ieu mah!”
Babarengan : “Gustiiiii ulaaah!!”
Tidinya Kabeh anu aya di kamar
pararingsan iwal ti si orok anu kalah seuseurian ninggali manusa anu karek
mimiti dipelong)
-Selesai-